Kampung Adat

Kampung Adat

Di tatar sunda aya istilah "kampung adat" Kampung adat téh nyaéta hiji perkampungan anu dieusi ku masarakat anu masih nyekel pageuh kana adat etika karuhun, Kampung adat biasana henteu pati kapangaruhan ku adat luar nu aya di sabudeureunana. Di wewengkon Sunda aya sawatara kampung adat anu bisa didatangan, boh dijadikeun tempat wisata boh dijadikeun tempat pikeun ditalungtik. Sanajan kitu, pikeun masarakat anu cicing dina éta kampung adat henteu beda jeung masarakat lianna nyaéta ngalakonan hirup sapopoe anu normal atawa biasa.

Kampung Naga nu ayana di Kabupaten Tasikmalaya téh kaasup conto kampung adat nu aya di daerah sunda. Di sawatara kampung adat anu aya di daerah sunda, aya kampung adat anu miboga sajarah anu jelas aya ogé kampung adat anu sajarahna henteu pati jelas. Saperti sajarah kampung adat Kampung Naga, sabenerna mah henteu pati jelas, nepika masarakat Kampung Naga mah nyebut kana kampungna téh "pareumeun obor", nyaéta yen aya bagean sajarah Kampung Naga anu henteu bisa dipaluruh.

Ciri-ciri kampung adat di Jawa Barat anu umum nyaéta mangrupa hiji perkampungan anu

dieusi ku masarakat anu masih nyekel pageuh kana adat istiadat karuhun satempat. Di handap leu nyaéta ciri-ciri sacara leuwih lengkep tina kampung adat nu aya di Jawa Barat 1 Kampung adat masih kuat nyekel hiji adat kabiasaan karuhun satempat, nyaéta adat sunda

2 Kampung adat teu bisa diasupan atawa dicicingan ku jalma luar 3 Di kampung adat biasana aya nu disebut ketua adat

4 Kusabab kaayaanana unik kampung adat sok dijadikeun objek wisata atawa objek panalungtikan 5 Kampung adat biasana sok dibantu ku pamarentah sangkan éta kampung adat teh dilestarikan

6. Agama atawa kapercayaan anu dianut di kampung adat biasana seragam atawa sarua 7 Bangunan imah téh biasana dijieun tina bilik awi anu dikepang sasak, bilik sasak ogé

digunakeun keur gagantina jandéla

8 Ngamangpaatkeun kawasan hutan

9 Hetup imah biasana ngalapis dua. Lapis mimiti tina daun alang-alang jeung lapis kadua tina juk

10. Bangunan imah dijieun kawas model imah panggung anu jangkungna sakitar 50 cm dina taneuh

11 Kahirupan masarakatna ngandelkeun partanian jeung paternakan Di handap ieu mangrupakeun conto kampung adat Sunda anu masih kénéh aya di Jawa Barat,

malaya. Kampung adat biasana henteu pati kapangaruhan ku adat luar di sabuderanana.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar